Jumat, 15 September 2017

Duuhh keueung geuning leumpang sorangan
Kamana atuh nu sejen?
Geuning siga nu pahare hare jeung kuring?

Gustiiii....
Tulungan abdi ulah dikantunkeun ku ANJEUN YA Allah

Di rorompok tuh adi duaan
Ulah dikantunkeun ku ANJEUN duh Gusti

Sarengan, hibur, kiatkeun imanna, kiatkeun tekadna

Dulur jauh ngan ukur dunga
Baraya nu deukeut sakadar datang saelolan

Nu lana
Nu lila
Nu silih geuing ngan kuring tiluan
Duh Gusti indung, bapa tos teu aya
Ka saha abdi mibapa
Ka saha abdi miindung

Duh Ciamis anu iuh
Duh Ciamis nu satia

Ulah diusir kuring tiluan tina keukeupan anjeun

Kuring teu terang kamana kudu lumpat mun kuring kudu ingkah ti Ciamis

Puluhan taun kuring hirup di Panoongan
Baheula mah suka bungah suka seuri
Duh.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar